Kamis, 14 April 2016

Rejeki teu Pahili-hili, Bagja teu Paala-ala

Rejeki unggal jalma geus aya catetanana. Unggal jalma geus miboga hancengan séwang-séwangan. Si A miboga rejeki sakitu, si B sakieu, geus aya cekelan jeung patokanana. Pon kitu reujeung bagja, geus jadi kayakinan yén jodo pati bagja cilaka éta geus aya dina katangtuan Gusti Alloh. Rejeki katut bagjana jalma geus aya dina patokan séwang-séwangan, geus aya cawisanana. Tinggal kumaha supaya éta rejeki jeung bagja téh bisa datang ka anu miboga cawisanana. Da rejeki jeung bagja moal datang sorangan (jarang pisan anu datang sorangan). Rejeki jeung bagja kudu ditéang supaya bisa kapanggih.
Ngan dina perkara néangan jeung ngoréhanana, ulah miboga kahariwang jeung kasieun rejeki katut bagja diri dipimilik ku batur atawa jalma séjén. Dina ngala rejeki ulah sieun rejeki cawisan diri diala ku batur.
-
Rejeki mah moal pahili-hili. Jadi rejeki pikeun hiji jalma moal pahili reujeung rejeki bogana batur. Entong sieun pahili kusabab rejeki batur mah loba ari rejeki sorangan ngan saeutik. Anu tungtungna bisa kaluar sipat sirik pidik jail kaniaya ka batur. Atawa gara-gara diri anu geus tihothat néangan rejeki tapi narima hasilna ngan saeutik saeutik, sedengkeun batur anu ngalana biasa-biasa waé tapi hasilna mucekil, miboga anggapan rejeki téh pahili.
Pon kitu deui reujeung bagja. Bagja moal silih ala reujeung batur. Bagja pikeun diri moal diala ku batur, pon kitu deui bagja pikeun batur moal bisa diala atawa kapimilik ku diri sorangan. Unggal jalma miboga rejeki jeung bagja cawisanana séwang-séwangan.

source : https://ciburuan.wordpress.com/2011/10/31/rejeki-teu-pahili-hili-bagja-teu-paala-ala/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar