Kamis, 14 April 2016

Anu Ngaranna Jodo mah Sapantaran

Saur pun guru mah, anu ngaranna jodo mah saurna aya istilah sapantaran antara lalaki jeung awéwé. Sapantaran dina harti tingkatan antara duana miboga tingkatan anu sarua. Ngan sapantaran ieu aya sababaraha rupa, aya sapantaran dina hal pakaya, katurunan jeung agama. Dina agama Islam mah diistilahkeunana téh nyaéta kufu’. Saurna, dina milih jodo atawa pasangan hirup téh kudu nempo kana tingkatan kufu’-na, naha sarua atawa henteu. Ngan dina lebah néangan anu sapantaran ieu, anu kudu jadi cekelan pangutamana mah nyaéta sapantaran dina hal agamana. Sarua pantaran agamana atawa henteu. Dina perkara pakaya jeung katurunan mah, bisa waé henteu sapantaran ogé.
Dina perkara néangan pasangan hirup anu sapantaran dina agamana, ieu lain ngan ukur papagon atawa tetengger anu kudu dicekel ku urang Islam, tapi ogé mangrupakeun katangtuan. Katangtuan ieu geus natrat sakumaha pidawuh Gusti Alloh dina Al-Quran surah An-Nur ayat ka-3, anu hartina kurang leuwih:
“Lalaki tukang jinah henteu kawin salian jeung awéwé tukang jinah deui atawa awéwé musrik, jeung awéwé tukang jinah henteu dikawin salian ti ku lalaki anu tukang jinah atawa lalaki musrik, anu kitu téh diharamkeun pikeun jalma-jalma mu’min.”
Nurutkeun ieu ayat, saurna, geus jadi katangtuan yén lalaki tukang jinah bakal nikah reujeung awéwé tukang jinah deui. Saterusna, lalaki anu iman bakal meunangkeun awéwé anu iman ogé. Kitu deui lalaki anu Islam bakal meunangkeun awéwé anu Islam deui. Ieu téh mangrupakeun katangtuan ti Gusti Alloh.
Nikah
Kumaha atuh lamun aya lalaki anu ngaku miboga Iman tapi nikah reujeung awéwé anu teu miboga Iman atawa tukang jinah? Ngeunaan ieu hal, kaimanan lalaki ieu teu bisa jadi cekelan. Naha bener iman atawa ngan ukur ngaku-ngaku. Da lamun bener-bener ngaku Iman mah moal baha kana katangtuan ti Gusti Alloh.

source : https://ciburuan.wordpress.com/2011/07/12/anu-ngaranna-jodo-mah-sapantaran/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar